Assalamua’laikum Warohmatullohi Wabarokatuh
Allhamdu lillahi robbil ‘aalamin wabihi nasta’iin ‘alaa umuriddunyaa waddiin washsholaatu
wasalaamu ‘alaa asyrofil ambiyaa i wal mursaliin wa ‘alaa aalihia wasohbihii ajmaiin amma
ba’du.
Anu ku simkuring dipihormat Bapa Kepala Desa sinareng perangkatna, Bapa RW Bapa
RT, Para Tokoh Agama, Alim Ulama, para sesepuh, pamuda pamudi oge para Bapa
para Ibu, hadirin anu sami-sami ku simkuring dipihormat.
Langkung ti payun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah
SWT, anu mana kalayan rahmat sareng karuniana urang sadaya tiasa ngariung
mungpulung paamprok jonghok patepang raray dina raraga Maulid Nabi 1447 H.
Sholawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka junjunan urang sadaya
Habibana Wanabiyana Muhammad SAW, ka para kulawargina, ka para Sahabatna, ka para
tabiin tabiatna oge teu ka kantun ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat
sareng tumut kana ajarana. Amin ya Allah Yarobbal a’lamin.
Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat. hapunten sateuacana simkuring kumawantun
ngadeg di payuneun bapak/kalih ibu sadaya boh bilih dina mingpin ieu acara seueur
kalepatan sareng kakirangannana simkuring neda hapunten anu saageung-ageungna.
Sim kuring bade maoskeun sababaraha susunan acara anu baris di pidangekun dina
sonten ieu.
ka hiji nyaeta Bubuka,
anu kadua hadoroh,
anu katilu sambutan ti atas nami keluarga bapak junadi sakulawarga,
anu ka opat nyaeta ngaos al barjanji sakaligus doa penutup.
Hadirin sadaya anu sami dipihormat, supados teu nyangkolong kana waktos, mangga
urang buka ieu acara ku maoskeun Basmallah kalayan sasarengan,
"Bismillahirrohmanirrohim".
Alhamdulillah ieu acara, parantos resmi dibuka ku urang sadayana. Mugia ku diaoskeun
basmalah, ieu acara ti kawit dugi ka akhir sing aya dina kalancaran tur kagampilan, oge
mugia dilingkupan ku rohmat sareng barokah ti allah SWT. Amiin.
Salajengna nya eta hadoroh nu baris di pimpin ku pangkersana ustadz…….
Disumanggakeun
Hadirin sadaya, mangga urang teraskeun kana acara sambutan ti atas nami keluarga
bapak…. . Kumargi sakitu ka kersana Bapak …….. disumanggakeun
Salajengna nya eta pembacaan al barjanji nu di pimpin ku ustadz….. sarengrengan. Mugia
urang sadaya kenging syafaat ti rasullallah di dunya sareng di [Link]
Sim kuring salaku pangjajap acara nuhunkeun dihapunten tina samudaya kakiranganana,
hatur nuhun tina sagala perhatosanana. Akhirul kalam Wabillahitaufik Walhidayah.
Wassalamua’laikum Warohmatullahi Wabarokatuh.