SOAL LATIHAN BAHASA SUNDA KELAS 9 SEMESTER 2
I. Pilihan Ganda
Pilihlah salah sahiji jawaban nu pangbenerna!
Baca sempalan naskah drama di handap ieu !
NINI UTI NIMU CEPUK
Karya : R. Hidayat Suryalaga
Wiyaga 1 : “ Teu acan seep Nini, surabina ?
Nini Uti : “ Teu acan nun. Mangga atuh barade surabina ?
Wiyaga 1 : Ari ieu cepuk naon Nini, siga cepuk perhiasan ?
Nini Uti : “ Hih, ulah eta ka dieukeun ! “
Wiyaga 2 : Euleuh Nini meni alus kieu, cepuk perhiasan emas ieu mah.
Nini Uti : “ Kadieu keun eta, ulah dibuka anu batur
Wiyaga 3 : Meunang maok timana ieu the Nini ? Kolot-kolot puak-paok !
Nini Uti : Saha nu maok ! Gampang we tadah-tuduh the.
1. Palaku utama dina drama anu judulna “Nini Uti Nimu Cepuk nyaeta ….
A. Nini Uti
B. Wiyaga 1
C. Wiyaga 2
D. Nini Surti
2. Watak Nini Uti nurutkeun sempalan naskah drama di luhur nyaeta ….
A. pinter
B. jujur
C. bodo
D. daekan
3. Naon nu kapanggih ku Nini Uti ti sisi gang ….
A. kongkorong
B. geulang
C. cepuk
D. surabi
4. Naon pagawean sapopoe Nini Uti teh ….
A. nyieun cireng
B. dagang bala-bala
C. ngiderkeun surabi
D. ngiderkeun sangu koneng
5. Dumasar kana sempalan naskah drama di luhur, watak Wiyaga 1 jeung wiyaga 2 nyaeta ….
A. hampang birit
B. beurat birit
C. hampang leungeun
D. goreng sangka
6. Naskah drama anu juduna “ Nini Uti Nimu Cepuk” dikarang ku ….
A. Yoseph Iskandar
B. R. Hidayat Suryalaga
C. R. Dadi Danusubrata
D. Wahyu Wibisana
7. Karya sastra dina wangun paguneman (dialog) para palaku, jeung dibarengan ku katerangan-
katerangan nu lain dibutuh keun pikeun kaperluan minton (pagelaran) disebut ….
A. puisi
B. longser
C. drama
D. prosa
8. Bagean naskah drama anu nerangkeun kaayaan latar, suasana, palaku, dina awal babak
disebutna ….
A. pertelaan palaku
B. babak jeung adegan
C. candraan
D. amanat
9. Kalimah anu nunduhkeun ucapan langsung, biasana mangrupa cutatan ( “ ….” ) nudiwatesan
ku lentong (intonasi) atawa tanda baca disebutna kalimah ….
A. langsung
B. teu langsung
C. aktif
D. pasif
10. Di handap ieu nu teu kaasup kana kalimah langsung, nyaeta …
A. “ Hey, bade ngiring moal ? “
B. “ Kumaha, dupi bapana aya ? “
C. Bu Rani sasauran “ Buku latihan basa Sunda dikempelkeun”.
D. Mun rek ulin kalembang mah numpak motor wae.
11. Panganteur (pengantar) pangarang dina drama ngeunaan lalakon anu baris (yang akan)
dipidangkeun (disajikan) disebutna ….
A. prolog
B. paguneman
C. dialog
D. monolog
12. Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan disebut ….
A. prolog
B. palaku
C. dialog
D. monolog
13. Paguneman (percakapan) antar palaku dina naskah drama disebutna ….
A. biantara
B. dialog
C. monolog
D. prolog
14. Tokoh dina drama boh (baik) nu protagonis atanapi (ataupun) antagonis, atawa tokoh
pangrojong (piguran) disebutna ….
A. palaku
B. latar
C. babak
D. tema
15. Dina pagelaran drama biasana sok dibagi jadi sababaraha (beberapa) runtuyan (rangkaian)
kajadian anu disebut ….
A. adengan
B. babak
C. latar
D. epilog
16. Bagian tina babak, anu ditangtukeun kaluar atawa asupna palaku pada saat pagelaran drama
disebut ….
A. adegan
B. babak
C. latar
D. dialog
17. Kacindekan (kesimpulan ) hiji lalakon atawa nasehat pangaran dina drama disebut ….
A. prolog
B. palaku
C. dialog
D. monolog
18. Nu ngajiwaan (ngajejeran) lalakon atawa carita dina hiji drama disebut ….
A. latar
B. adegan
C. kaayaan
D. tema
19. Waktu jeung tempat kajadiannana eta drama disebut ….
A. latar
B. adegan
C. kaayaan
D. tema
20. Kalimah anu nuduhkeun ucapan langsung, biasana mangrupa cutatan ( “ ) nu diwatesan ku
lentong atawa tanda baca disebutna kalimah ….
A. langsung
B. teu langsung
C. aktif
D. pasif
21. Ieu di handap anu teu kaasup kalimah langsung nyaeta …
A. “ Kumaha, dupi babana aya ?”
B. Bu Rani sasauran “ Buku latihan basa sunda dikempelkeun !”
C. “ Hey, bade ngiring moal ?”
D. Mun rek indit ka sakola mendingan leumpang wae.
22. Tanda baca nungapit tur jadi ciri mandiri dina kalimah langsung nyaeta tanda ….
A. panyeluk (!)
B. pananya (?)
C. kekenteng (“ …. “ )
D. geret ( - )
23. Ieu di handap conto kalimat langsung, iwal ….
A. “ Hey, bade ngirig moal ?”
B. “ Kumaha dupi bapana aya ?”
C. Bu Rani sasaura “ Jadi budak teh kudu babakti ka kolot”,
D. Sangkan elmu urang mangpaat kudu hormat kanujadi guru.
24. Kalimah anu eusina ngebrehkeun (memperlihatkan) rasa (emosi) panyaturna (tanda bacanya)
disebut ….
A. panyeluk
B. pananya
C. panyatur
D. panyawad
25. Di handap ieu anu kaasup kalimah panyeluk (kalimat perintah) anteuran anu merenah (benar)
nyaeta ….
A. Mang, kadieu sakedap !
B. Eukeuh mani seueur kitu !
C. Iraha kitu bade angkatna bi ?
D. Wilujeung sumping kasadayana !
26. Karangan anu eusina ngajentrekeun (menjelaskan) hiji obyek, kumaha prosesna, tujuanana,
jeng gunana disebut karangan ….
A. deskripsi
B. narasi
C. artikel
D. pedaran
27. Kaen batik nu sok dibelitkeun dina mastaka pameget urang sunda disebut ….
A. bendo
B. topi
C. solendang
D. iket
28. Salah sahiji kampung adat sunda anu perenahna di kabupaten garut nu masih keneh sok
marake iket the nyaeta kampung ….
A. Kuta
B. Naga
C. Pulo
D. Cikondang
29. Paribasa saringset pageuh iket teh mibanda (mempunyai ) harti ….
A. make baju jeung iket kalayan (dengan) rapih
B. iket dina mastaka (kepala) anu beulitannana hese lesot (susah kebuka)
C. sayaga (siaga) atawa siap nyanghareupan sagala hal
D. nataharkeun (menyiapkan) pagawean nu euweuh gunana
30. Di handap ieu anu kaasup kana kalimah salam, iwal ….
A. Assalamualaikum !
B. Sampurasun !
C. Punten !
D. Mangga
31. Anu asup kana kalimah pangharepan, nyaeta …
A. Ulah ulin didinya !
B. Hayu urang indit ayeuna !
C. Muga-muga salamet dijalanna.
D. Punten pangnyandakeun cai !
32. Geura jug (segera pergi) atuh rek (mau) kapasar mah !
Eta kalimah parentah teh kaasup kana kalimah ….
A. panyaram (melarang)
B. panggeuri (mendukung)
C. pangjurung (pendorong)
D. panghibur
33. Fungsi surat salah sahijina nyaeta ….
A. diajar nulis
B. alat komunikasi
C. paranti nulis
D. alat tulis
34. Sipat atawa watek pamaen nu hade disebut ….
A. protagonis
B. antagonis
C. pentagonis
D. tritagonis
II. Pilihan Ganda Komplek nomor 35-38 ( pilih dua jawaban benar ).
35. Di handap ieu kaasup sipat perwatakan para palaku dina drama nyaeta ….
A. protagonis
B. antagonis
C. pentatonis
D. pentagonis
36. Di handap ieu nu kaasup jenis-jenis karya sastra drama nyaeta ….
A. drama komedi
B. drama tragedi
C. drama klasik
D. drama modern
37. Hal-hal anu kudu (harus) ditataharkeun (dipersiapkan) samemeh (sebelum) mentas drama
nyaeta ….
A. pamaen kudu nyieun kostum sorangan
B. pemain kudu latihan vokal
C. pamaen kudu latihan paroman (ekspresi)
D. dina prungna pagelaran unggal pamaen teu kudu kompak
38. Drama komedi nyaeta drama anu sipat palakuna condong kana ….
A. lulucon
B. sedih
C. banyolan
D. tragedi
II. Esay
Tuliskeun jawaban pananya di handap ieu !
1. Tuliskeun 4 macam jenis naskah karya sastra drama !
- Tragedi
- Komedi
- Opera
- Melodrama
2. Jieun (buat) 4 conto kalimat langsung dina basa sunda !
- “Maneh Kamana?”
- “Abdi geus meureun”
- “Abdi henteu ngarti”
- “Hey, Bade ngiring moal?”
ALHAMDULILLAH