Pedaran Warta
Warta
Warta nyaeta inpormasi anyar atawa inpormasi ngeunaan hiji kajadian, boh
dipindangkeun ngaliwatan media citak, boh dina media elektronik, boh tatalepa sacara
lisan. Ngalaporkeun hiji warta teh mangrupakeun tugas profesi wartawan.
Lamun hidep rek nyieun warta, kudu nyoko kana rumus nu geus baku, nya eta
5W+1H, ngawengku :
1. What (naon), kajadian naon nu rek diberitakeun
2. Where (di mana), di mana tempat kajadianana eta peristiwa
3. When (iraha), iraha waktu kajadianana
4. Who (saha), saha wae anu jadi sumber bertitana
5. Why (naha), naha eta kajadian the kudu diberitakeun
6. How (kumaha), kumaha lumangsungna peristiwa
Pedaran Ngeunaan Maca Warta
Upama urang hayang bisa nepikeun warta kalawan alus, aya sawatara hal nu kudu
dipehatikeun, di antarana ditataan di handap.
1. Saacan maca warta, urang kudu paham heula kana eusina kalawan bener
2. Ilo kalawan gemet warta nu rek ditepikeun
3. Perhatikeun kecap-kecap nu nurutkeun urang kaasup hese dipikaharti tur kumaha cara
ngucapkeunana nu bener
4. Dina prakna nepikeun warta, perhatikeun sora urang, sakumaha tarikna sangkan bisa
kadenge jelas ku kaom dangu
5. Artikulasi nu jentre
6. Lentong nu merenah
7. Bisa ngabedakeun iraha waktuna alon jeung iraha waktuna gancang
8. Sikep
9. Paningal, ulah tonggoy teuing kana naskah warta nu keur dibaca, sakali-kali urang kudu
ngabagi paningal ka pamiarsa
Dalam bahasa Sunda dikenal adanya tingkatan atau ragam bahasa. Dalam bahasa Sunda ada dua jenis
ragam bahasa, yaitu yang disebut Ragam Basa Hormat / Lemes (halus) dan Raham Basa Loma. Ragam
Basa Hormat biasa digunakan, misalnya, untuk berbicara dengan orang yang lebih tua atau yang
dihormat. Sedangkan Ragam Basa Loma biasa digunakan untuk berbicara dengan teman yang sudah
akrab.