RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
Nama Sekolah : SMK Ma’arif Riyadlush Sholawat
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : X/2
Materi Pokok/ Tema : Carita Pondok (Carpon)
Alokasi Waktu : 2 x 2 pertemuan (2JP)
A. Tujuan Pembelajaran
Setelah proses menggali informasi melalui berbagai fakta, menanya konsep, berdiskusi
atas fakta dan konsep, peserta didik dapat:
1. mengidentifikasi ciri-ciri carpon
2. menganalisis unsur-unsur carpon
3. mengarang carpon.
B. Kompetensi Dasar dan Indikator
Kompetensi Dasar Indikator Pencapaian Kompetensi
Mengindentifkasi dan menganalisis - Mengidentifikasi ciri-ciri carpon
carpon sesuai dengan kaidah-kaidahnya. dengan benar.
- Menganalisis unsur-unsur carpon
sebagai prosa dengan teliti.
- Menganalisis perkembangan carpon
dalam sastra Sunda dengan benar.
Menanggapi dan mengekspresikan carpon - Menyusun kerangka carita pondok.
sesuai kaidah-kaidahnya. - Mengarang carpon
C. Materi Pelajaran
Fakta
Contoh teks carita pondok
Konsep
Ciri-ciri carpon
Unsur-unsur carpon
Langkah-langkah mengarang carita pondok
Prinsip
Karakteristik carpon
Perbedaan carpon jeung dongeng
Prosedur
Cara mengarang carita pondok
D. Metode Pembelajaran
Pendekatan: Pembelajaran Saintifik
Metode: Problem Based Learning (Pembelajaran Berbasis Masalah)
Teknik: diskusi, penugasan, tanya jawab
E. Media Pembelajaran
1. Buku Teks Basa Sunda Disdik Provinsi Jawa Barat 2013 untuk siswa SMA Kls X.
2. Majalah & koran Sunda
3. Buku referensi lain
4. Proyektor
5. Laptop
F. Langkah-langkah Pembelajaran
Pertemuan Ke 1
Alokasi
Kegiatan Langkah-langkah Pembelajaran
Waktu
Pendahuluan - Apersepsi 10 menit
- Motivasi
- Absensi
Inti - Membaca contoh carpon 60 menit
- Mengamati dan memahami ciri-ciri
carpon.
- Menganalisis unsur-unsur carpon sebagai
prosa
- Menganalisis perkembangan carpon dalam
sastra Sunda
Penutup - Evaluasi 20 menit
- Kesimpulan
- Penugasan
Pertemuan Ke 2
Alokasi
Kegiatan Langkah-langkah Pembelajaran
Waktu
Pendahuluan - Apersepsi 10 menit
- Motivasi
- Absensi
Inti - Menemukan tema/ide untuk bahan 60 menit
karangan cerita pendek.
- Menyusun kerangka karangan.
- Menulis carita pondok dari kerangka
karangan
- Mempublikasikan/ membacakan cerita
pendek hasil karangan sendiri.
Penutup - Evaluasi 20 menit
- Kesimpulan
G. Penilaian Proses dan Hasil Belajar
Jenis Bentuk Instrumen
Penilaian Proses Belajar Observasi Lembar observasi
Penilaian Hasil Belajar Tes Tulis Soal uraian, dan
keterampilan
1. Lembar Observasi
Nama Sikap Yang Diamati
Siswa Santun Disiplin Jujur Peduli Semangat Kerja Tanggung
Sama Jawab
1.
2.
3.
4.
5.
…….
2. Soal Uraian
Indikator Pencapaian Teknik Bentuk Instrumen
Kompetensi Penilaian Penilaian
1. Sebutkeun
Membaca dan Tes Tertulis Tes Uraian judul carpon nu
mengamati dibaca!
beberapa contoh 2. Naon wae nu
teks carpon. kaasup ciri-ciri
carpon?
Mengamati dan
3. Naon wae
memahami ciri- unsur-unsur
ciri carpon. dina carpon?
Menganalsis 4. Kumaha
perkembangan kamekaran
carpon dalam carpon dina
sastra Sunda sastra Sunda?
Menyusun 5. Pek susun hiji
kerangka
kerangka carita
carpon!
pondok.
6. Jieun jadi hiji
Mengarang carpon carpon tina eta
kerangka!
3. Penilaian Keterampilan
Aspek yang dinilai
Nama Siswa Eusi Ketepat Tata Nilai
Carita an milih Basa
tema
dan
judul
1.
2.
3.
4.
5.
……..
Cipaku, Juli 2018
Mengetahui: Guru Mata Pelajaran,
Kepala Sekolah,
_______________________ Lutfiani Sita Tsania, [Link].
Lampiran
1. Teks Carita Pondok
APES
Ku: Atres
Geus lila teu mulang ka lembur. Lain teu sono ka nu jadi kolot, tapi teu boga keur
ongkosna. Tong boro keur ongkos balik, dalah keur dahar sapopoé gé nganjuk heula ka warung
Bi Otih, da geus biasa ieuh, engké dimana aya kiriman kakara dibayar. Ongkoh mahasiswa anu
indekos di dinya mah kabéh gé taya nu tara nganjuk, diitung-itung geus telat dua minggu teu
narima kiriman. Hilapeun kitu Apa téh? ah piraku, da biasana gé unggal Apa tos narima
pangsiun tanggal opat ti kantor pos, sok langsung ngirim wésel.
Éra ku Bi Otih pangpangna mah, hutang tacan kabayar. Henteu ari nagih mah, ngan éra
wéh atuh. Jaba neng Novi geus pok deui pok deui ngajak lalajo jeung ménta dianteur krimbat
ka salon. Ari rék nyebut teu boga duit, rada géngsi puguh gé. Ongkoh kakara bubulanan jadi
kabogohna téh. Sok rada kawiwirangan basa néng Novi ngajak jajan stik di kafétaria, asa-asa
rék pesen téh da rumasa dompét kosong ukur dieusi ku kartu mahasiswa jeung katépé, bébéja
ka néng Novi mah warareg wéh. Tapi manéhna maksa, haté deg-degan kapaksa pesen. Jero
pikir, kumaha engké mayarna mah. Ngahaja milih nu pangmurahna, sosis jeung kentang
goréng, tapi ku néng Novi dinaha-naha, majar teu pantes lalaki mah dahar saeutik.
"Stik dua piring, sakantenan jus alpuketna sareng puding dua gelas," cenah.
Seblak haté téh. Nya reuwas, nya baluas. "Meni royal vie, da Akang mah teu lapar teuing,"
cékéng dumareuda.
"Wios atuh, Kang. Pan abdi kamari kénging kintunan. Keun wé abdi nu mayar ayeuna mah.
Ulah ti Akang waé," pokna. Plong wé, alam caang narawangan.
"Nuhun atuh Neng," cékéng bungah pisan. Nuhun Gusti, Emh nyaho kitu mah pesen stik téh
meureun dua piring wé, da kapan ti isuk mula can sasarap.
Mulang ti kafétaria nu geulis ménta dianteur ka toko buku. Gusti Nu Agung! Paling copélna
gé, ongkos-ongkos baé mah piraku ti manéhna. Ari rék balaka, nyéta teu kaduga. Palias kalah
ngolémbar, pajar boga beubeureuh téh kéré atawa cap jahé. Teu bisa majar kumaha,
ngahaminan wé bari teu loba nyarita. Barang ampir tepi ka nu dituju, rumpu rampa kana pésak
calana kénca-katuhu.
"Ku naon, Kang?" cék Novi bari kerung.
"Aduh Vie, dompét Akang kakantun," cékéng api-api.
"Kakantun di mana? Kadé bilih di kafé. Seueur artosan?"
"Sigana mah kakantun di rorompok, da tadi rurusuhan sieun kasiangan kuliah."
"Mudah-mudahan atuh Kang, aya di bumi." pokna bari ngodok duit tina saku bajuna. Créng
dibayarkeun ka kenék, Plong deui. Tapi haté nu pangjerona mah nyeri. Kutan kieu ari tuna
harta Bapa ukur pangsiunan guru, gajihna teu sabaraha. Kitu gé kudu dijejewét keur kaperluan
kuring jeung adi awéwé nu sakola di SMP, tacan keur risiko sapopoé.
Batan kieu mah, asa leuwih hadé terus néangan gawé wé basa basa lulus ti SMA téh cara nu
geus diniatan, tapi Apa keukeuh ngajujurung kuliah. Sanajan bari ripuh gé, Apa teu weléh
ngahatéan sangkan kuring neruskeun sakola. Paribasana mah bisa kénéh nginjeum, tur mun
geus lunas cicilannana bisa ngéclok deui, ngan kitu jeung kitu wé.
Ari ayeuna, kumaha atuh. Piraku kudu balik deui ka kamari. Ongkoh ka Novi geus kapalang
bogoh deuih. Wawanohan geus aya opat bulan leuwih saminggu persisna mah. Natrat
kalénderna gé, dibuleudan ku mangsi beureum. Novi téh adina Ahmad, sobat jaman ospék. Ah,
kitu wé ari paamprokna mah, sasat dijalanan ku lanceukna basa kuring ulin ka tempat
indekosna. Nu sidik, bébéné nu munggaran pisan, nu minuhan haté ku pirang-pirang kabagjaan,
najan bari jeung remen seseblakan kareureuwasan. Awahing ku kesel nungguan duit kiriman,
ngumaha ka Héri batur sakontrakan, nginjeum saongkoseun keur balik. Kabeneran manéhna
mah kakara meunang kiriman. Teu hararésé. Biasa ongkoh kuring gé ari keur boga mah sok
diinjeuman ku manéhna. Ti dinya, terus baé amitan ka Novi.
"Tong lami teuing, nya Kang," pokna bari mumuntang pageuh pisan.
"Piraku wé atuh," cékéng bari ngusapan buukna. "Tilu dinten wios nya?"
"Ih, mani lami-lami teuing, sawengi kituh," cenah bari jamedud. Geuwat leungeunna dijéwang,
terus ditangkeup deudeuh.
"Tapi jangji nya urang pesen heula komputer téa. Cing karunya atuh ka abdi, ngadeluk waé
ngetik di réntal dugi ka wengi. Akang pan tos jangji, sasih ieu badé mangmésérkeun komputer,"
cenah malik nangkeup.
"Muhun, mangga," cékéng bari nyumputkeun kareuwas. Rarasaan mah asa teu jangji rék
mangmeulikeun komputer. Ari mangkarunyakeun ngetik tepi ka peuting di réntal mah enya.
Tapi dalah dikumaha, nya ngaheugkeun deui wé. Palias gering nangtung ngalanglayung
ditinggalkeun ku nu kapirangrung.
Untung wé wawuh ka Si Angga, nu sok ngajual komputer rakitan. Pék badami rerencepan,
sangkan dibéré nganjuk heula. Dibéré témpo tilu poé jang ngalunasanana, bari jeung teu kudu
maké pamanjer. Komputer rék dianteurkeun isukna ka tempat indekos Novi. Plong deui.
Basa rek amitan pisan, Novi ngajak ngabaso heula. Najan geus maju ka soré, kapaksa nyimpang
heula ka tukang baso. Bérés ngabaso, ditéma ku nyuruput jus alpuket. Mesenna sadua-dua.
Hideng ti dituna mah. Enya, dina dompét téh ukur aya duit keur ongkos. Tapi kuring rada
tenang harita mah, da geus yakin Novi boga duit lantaran kamari ménta dianteur ka ATM. Na
atuh dina waktuna mayar, manehna bet jongjon mukaan majalah.
"Vie, nyandak artos?" cékéng asa-asa. Tapi manéhna gogodeg. Cenah mah ngan mawa
saongkoseun balik.
"Manawi téh Akang nyandak artos," cenah bari teu riuk-riuk reuwas. Teng mikir rada uleng.
Geus pakojot deui baé. Wiwirang di kolong catang ieu mah. Lamun duit dibayarkeun ka tukang
baso geus pasti moal tulus balik ka lembur. Kapaksa nyandiwara deui, api-api tinggaleun
dompét ka tukang baso, bari Novina mah teu nyahoeun. Kartu mahasiswa ditandonkeun,
kalawan jangji rék nepungan deui.
"Insya Allah, pami teu capé énjing Akang uih deui," cék kuring bari celengok nyium tarangna
basa papisah di terminal. Manéhna nganteur ku paneuteup.
Nepi ka lembur can peuting teuing. Ojég ogé aya kénéh. Jog ka imah geuwat munjungan ka
Éma sareng ka Apa anu nuju caralik nongton tipi. Karasa aya kasono anu gedé. Tapi Ema jeung
Apa katingalina semu alum. Kuring teu wani tunyu-tanya harita mah.
Isuk-isuk basa Ema keur mirun seuneu, kuring lahaola nanya ka Ema, "Ku naon Ma siga anu
sararedih?" cék kuring asa-asa.
"Hampura Ujang Ema can bisa ngirim duit ka manéh. Puguh gé duit pangsiun Apa kabeh
leungit aya nu nyopét. Bapa manéh kapiuhan awahing kareureuwasan," pokna téh.
Séak awak ngadadak panas nahan amarah ka si copét anu geus wani-wani ngagunasika duit
Apa. Hajat meleg siah, sok siah lebok duit bapa aing, didu´akeun manéh sing bareuh beuteung,
bisul ati, terus kagéléng setum. Bray narembongan piligenti beungeut si Angga, si Héri, jeung
tukang baso. Kuring gulinggasahan di jero kamar. Wirang wirang siah, éra geus jangji ka
maranéhna isukan rék mayar hutang. Kuring adug lajer, teu nyaho kudu kumaha nya peta.
Ari sabenerna mah ti anggalna geus direncanakeun rék ngabohong ka Ema yén kudu mawa
duit gedé ka kota lantaran geus waktuna mayar kuliah. Éta duit rék dipaké mayaran hutang
jeung ngogo Novi. Ari ieu, boro-boro duit gedé, bet saongkoseun balik ka kota gé teu aya.
Haté marojéngja. Pikiran acak-acakan jiga runtah diawut-awut ku ucing. Bréh Novi na
kongkolak panon, mencrong semu nganaha-naha. Haté ngadadak peurih asa diturihan ku hinis
anu seukeut kabina-bina.***
2. Ciri-ciri carita pondok
1. Sumebarna sacara tinulis;
2. Wangunna relatif pondok;
3. Palakuna teu pati loba;
4. Galurna basajan;
5. Dipikanyaho anu nulis atawa ngarangna;
6. Eusina mangrupa rekaan tina realitas kahirupan sapopoe.
3. Unsur-unsur carita pondok
1. Tema
2. Penokohan
3. Galur
4. Latar
5. Amanah