JAMPE PARAGI MIPIT
Bismilahirahmanirahim
Kulkukus wangelun langlaun bakar menyan sangu putih sapulukan rek
ngahaturan ka kanjeng nyai ka tuang ibu teu aya deui nu sahiji sangu putih
sapulukan rek ngahaturanann ka kanjeng nyai ka tuang ibu teu aya deui nu
calik di padaringan sareng nu di lumbung
JAMPE NYEURI BEUTEUNG
Bismilah
Nini Sangkaliwari Aki sangkaliwara ulah kasambang ti cai ti gesan
mandi ti jalan ti pasampangan kaditu ka kayu ka batu ka leuweung
ka sumagonggong ka tegal ka sapapanjang tiis dingin tali purna urip
waras
Nini uju uju aki uju uju ngipatkeun peso pahuju ulah di tujukeun
ka sapi ka munding ka kidang kamanjangan kaditu ka alas peuntas si
bangbara kuning tiis dingin tali purna urip waras
Ngondang Aingin
Sanggae Sanggae
Pinggir Jalan
Ratu Winuhung
Raja Nurbayur
Sesa Sesa Iku
Jampa Benggala
Tawu Tiwa Tawu
Aing Di Tawu Ku Sangkedo Angin
Nu Mantak Nyingkir
Kir Sin gkir Pangawasa Sia
Paranti Kalap
Ratu Kuntung Adi luloh
Ratu Kuntung Nama Allah
Diri Sangkama Agung
Datang Sangkama Allah
Caya Caya Mangan
Caya Caya Kang Pinangan
Nu Putih Nu Dteng Putih
Nu Hurung Dina Jajantung
Nu Herang Dina Lilipa
Teur Ateur Ati Kaula
Allah Pang Mukakeun Ati kaula